KHUTBAH KAHIJI
اَلْحَمْدُ ِللهِ ، اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَحْرَمَ رَجَبَ بِإِسْرَاءِ الرَّسُوْلِ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ اْلأقْصَى ، وَالَّذِيْ يَأْمُرُنَا بِالتَّقْوَى مْدَّةَ أُمُوْرِنَا ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ فِيْ كُلِّ أَهْوَالِنَا
أشْهَدْ أنْ لاَ إلَهَ إلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أشْرَفِ عِبَادِهِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَعِتْرَتِهِ
أمَّا بَعْدُ :
فَيَا أيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعَ وَالطَّاعَةِ
قَالَ اللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى :
إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِندَ اللَّـهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّـهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ ۚ فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِينَ ﴿٣٦
وَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ :
ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتَ وَالْأرْضَ السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ، ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ
Puji sareng syukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti anu Maha Suci, Alloh SWT anu parantos maparinan mangpirang-pirang kanikmatan anu teu kaetang seueurna. Nikmat anu
teras-terasan teu aya putusna ka sadaya makhlukna. Diantawisna mangrupi kasehatan,
rezeki sareng umur, anu ngajantenkeun cukang sareng lantaran urang masih keneh dipaparinan kasempetan ngalakonan kawajiban sholat Jum'at anu Mulya mungguh Alloh dina dinten iyeu.
Sholawat
sinareng salam mugia salamina tetep dikucurkeun ka paduka agung jungjunan urang sadayana,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, teu hilap oge ka kulawargina, ka para sahabatna, ka
sadaya ummatna anu turut sareng tumut kana ajaran mantena tug dugi ka akhir zaman. Mugia urang sadaya kalebetkeun kana umatna Kanjeng Rosul anu jaga kenging safaat ti anjeuna. Aamiin Yaa Alloh Yaa Robbal'alamin.
Langkung tipayun simkuring wasiat, khususnya ka diri pribadi, umumna ka urang sadaya, hayu urang sami sami ningkatkeun kataqwaan ka Alloh Subhanahu Wata'ala. Mugia urang sadayana kalebetkeun kana golongan jalma-jalma anu taqwa mungguh Alloh, anu dipikaasih tur dipikanyaah ku Gusti anu Maha Suci, sanghyang nu murbeng alam, pangeran urang sadaya Alloh Subhanahu Wata'ala.
Kaum
Muslimin Rahimakumullah,
Dinten
iyeu, Alhamdulillah urang parantos aya dina Bulan Rajab, Salah sahiji bulan tina
opat bulan anu di mulyakeun ku Alloh SWT. Naon sababna bulan Rajab kalebet bulan
anu dimuliakeun ?
Dawuhan
Alloh dina surat (QS at-Taubah: 36)
إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِندَ اللَّـهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّـهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ ۚ فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِينَ ﴿٣٦
Saestuna itungan bulan mungguhing Allah nyaeta dua welas bulan, tina ketetepan Allah sawaktu Anjeuna nyiptakeun langit sareng bumi, di antarana opat bulan haram. Eta anu janten (ketetepan) agama anu lempeng, maka ulah aranjeun ngarogahala diri anjeun tina bulan anu opat eta, jeung perangan eta sadaya kaum musyrikin sakumaha maranehna merangan anjeun sadayana, jeung pika-nyaho saenyana Gusti Alloh marengan jalma-jalma anu taqwa...
Salajengna
dina salah sahiji Hadits, Rosululloh ngadawuh
ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتَ وَالْأرْضَ السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ، ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ
”Seenyana zaman teh terus muter sakumaha rupa awal sawaktu Alloh nyiptakeun langit
sareng bumi. Dina waktu sataun aya dua welas bulan anu di antarana aya opat bulan anu diagungkeun/dimulyakeun, tilu bulan diantarana ngarendeng bulan Dzulqaidah,
Dzulhijjah, Muharram jeung bulan Rajab Mudhar, anu aya diantara bulan Jumadil
Tsani Tsaniah sareng bulan Sya’ban.” (HR. Bukhari & Muslim)
Rajab
Mudharr anu disebatkeun ku Rosululloh SAW nyaeta bulan anu aya di
antara bulan Jumadil Akhir sareng bulan Sya’ban”. Oge disebat sasih Haram, anu
asal katana tina al-Hurmat anu pihartoseuna kehormatan atanapi kemulyaan ayat sareng
hadits tadi secara jelas nunjukeun sanenyana bulan Rajab teh mangrupikeun bulan anu
dimulyakeun ku Alloh, kumargi litu satiap jalma mukmin kedah ngamulyakeun sasih Rajab
iyeu. Ku cara kumaha urang ngamulyakeun sasih Rajab teh ?
فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِينَ
maka ulah aranjeun ngarogahala diri anjeun tina bulan anu opat eta, jeung perangan eta sakabeh kaum musyrikin sakumaha maranehna merangan anjeun sadayana, jeung pika-nyaho saenyana Gusti Alloh marengan jalma-jalma anu taqwa...
Tafsir
Ath-Thabari nyebatkeun saenyana kaopat bulan haram anu dimaksud nyaeta Dzul
Qa'dah, Dzul Hijjah, Muharram sareng Rajab. Dina bulan-bulan Haram eta Alloh
marentahkeun supaya henteu ngalakukeun peperangan, ngalakukeun aniaya. Malahan Masyarakat jahiliyah oge ngiringan kana aturan iyeu. Maranehanana henteu
wani ngalakukeun peperangan jeung paketrok dina opat bulan haram eta. sanajan
Maranehanana henteu narima kana ka Nabianana Kanjeng Nabi Muhammad SAW, maranehanana sieun ku Alloh lamun ngalanggar parentah. Lamun aya paketrok diantara maranehanana maka urusanana ditunda ka bulan-bulan anu lainna.
Kaum
Muslimin Rahimakumullah,
Dina
Bulan Rajab aya hiji sejarah anu kedah dijadikeun pangajaran ku satiap jalma
Mukmin, yen dina satiap ngadugikeun misi dakwah kanggo tegakna jeung nyebarna agama Alloh teh eta pasti dibarengan ku kasusah oge sagala rupa cocoba, tapi satiap kasusah jeung gogoda lamun terus disanghareupan ku
katabahan jeung kasabaran, maka tungtungna bakal meunang karahayuan.
Dina
taun kadalapan kanabian, Rasululloh SAW disanghareupkeun kana rupa-rupa cobaan anu
kacida beuratna kanggo anjeunna sareng umatna. Dina taun eta, anjeunna
kedah ikhlas dikantunkeun ku dua jalmi anu teu leupas/teu liren-liren ngabela dakwahna Rosululloh
nalika mayunan gangguan sareng ancaman ti kafir quraisy.
Dua
Jalmi anu di pika-gimbir ku kafir Quraisy nyaeta istrina Siti Khadijah sareng pamanna
Abu Thalib, dina taun eta dipunut ku Gusti anu Maha Suci. Ku kituna Kanjeng Nabi teu
ngagaduhan deui pangrojong anu kuat dina mayunan suku Quraisy.
Para
ulama Siroh Nabawiyah nyebatkeun taun kasapuluh Kenabian ku sebutan ‘Amul
Huzni’ (taun nalangsa). Posisi Nabi dina taun eta aya dikota mekkah anu tugasna salaku rosul nalika kadzaliman mingkin beurat. Pupusuhan ti kaum
Quraisy mingkin ngahimpit. Bener-bener bulan anu merlukeun katabahan sareng
kakuatan iman, dina raraga mayunan sagala rupa cobaan. Opat kajadian anu ninggalkeun kapeurih jeung kanyeri pikeun Rosul, sedengkeun tugas agung ngabutuhkeun konsentrasi
jeung kakuatan anu ulah buyar jeung ngalemah.
Syekh
Abu Bakar al Jazairi dina bukuna Hadzal Habib ya Muhib nyarioskeun, “kakara pisan kaayaan anu nyekek kana panghalang di Syi’ib Abu Thalib anu jalan salami 3 taun, Nabi Shallallahu Alaihi Wasallam digareunyahkeun ku musibah gede, nyaeta pupusna Abu
Thalib mamangna anu ngasuh anjeuna, gunung anu ngajulang anu ngabentengan, singa anu ngalindungan jeung benteng anu kokoh, sareng pupusna Khadijah.”
Syekh
Abu Bakar Al Jazairi ngajelaskeun, kumaha kasedihanana nabi nalika dikantun ku Siti Khodijah. Kusabab peran Siti Khadijah anu tulus jeung agung. salah sahiji
anugrah anu paling mulya, anu teu kagentoskeun ku istri lainna. Siti Khodijah
mangrupikeun kanikmatan tempat nyalindung saparantosna nyuhunkeun pitulung ti Gusti Alloh, tempatna katentreman saparantosna Dzikir ka Alloh, anjeunna anu ngahibur
nalika datang rasa kasieun jeung kagundah, istri anu ngalelesonkeun nalika
cape (Abu Bakar Al Jazairi, Hadzal Habib ya Muhib)
Sahebat
iyeu peran salaku istri.
Bade teu sedih kumaha dikantunkeun ku istri anu kacida mulyana dina waktu anu
kacida dibutuhkeunana. Syekh Muhammad Al Ghazali dina Fiqhus Sirohna
nyarioskeun, “Khadijah mangrupi anugerah Alloh anu agung kangge Muhammad
Shallallahu Alaihi Wasallam. Anjeuna ngabela Kanjeng Rosul dina waktos anu paling sulit.
Nagabntos ngadugikeun risalah Karasulan. Sasarengan dina ngalaksankeun ‘jihad’ anu pait.
Ngahibur ku diri sareng hartana. Dawuhan Kanjeng Nabi
ما أبدلنى الله خيرا منها قد آمنت بى إذ كفر بى الناس وصدقتنى إذ كذبنى الناس وواستنى بمالها إذ حرمنى الناس ورزقنى الله ولدها إذ حرمنى أولاد النساء يعنى خديجة
“Moal oge Alloh ngaganti kawula anu langkung sae ti anjeuna. Anjeuna mercayakeun ka kawula sawaktu manusa
ingkar ti kawula. Anjeuna ngadukung/ngaenyakeun kawula sawaktu manusa ngingkarkeun kawula. Anjeuna ngahibur kawula ku hartana sawaktu manusa parelit. Jeung Alloh nganugrahkan ka kawula anak-anakna sawaktu anu lain teu aya anu mere kawula anak.” (HR. Ahmad)
Saparantosna
dikantukeun ku Abu Tholib sareng Siti Khadijah, Ahirna Kanjeng Nabi ngizinkeun
ka para umatna anu taat supados hijrah ka Thoif. Nanging bani Tsaqif anu kawasa di tanah Thaif henteu maparinan sambutan ka Kanjeng Nabi, malahan maranehanana
ngusir ka Kanjeng Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Ahirna
Kanjeng Nabi mulih deui sareng umatna anu taat bari kaayaan badan anu
pinuh ku getih. Nya dina waktu eta Kanjeng Nabi kacida pisan ngaraos nalangsa,
ngadoa ka Alloh bari lumengis.
اللهمّ إليك أشكو ضعف قوّتي، وقلّة حيلتي، وهواني على النّاس، يا أرحم الرّاحمين، أنتَ ربُّ المستضعفين وأنت ربّي، إلى مَن تَكِلُني؟ إلى بعيدٍ يتجهَّمني؟ أم إلى عدوٍّ ملّكتَه أمري؟ إن لم يكن بك غضبٌ عليَّ فلا أبالي، ولكن عافيتك هي أوسع لي، أعوذ بنور وجهِك الذي أشرقتْ له الظّلمات، وصَلَح عليه أمر الدّنيا والآخرة من أن تُنْزِل بي غضبَك، أو يحلّ عليَّ سخطك، لك العُتْبَى حتى ترضى، ولا حول ولا قوّة إلا بك
Yaa Alloh, ka Anjeun abdi ngadu kalemahan abdi, kakirangan daya upaya abdi sareng kahinaan abdi kana pandangan manusa. Wahai Dzat anu Maha mika-asih , Anjeun sesembahan jalmi anu ditindas, sareng Anjeun saestuna pangeran abdi. Ka saha Anjeun masrahkeun ieu diri abdi ? Ka jalma teu wawuh anu bakal ngarogahala abdi atanapi ka musuh anu ngawasaan abdi ? Sakintena Anjeun henteu murka ka diri abdi, maka abdi moal paduli.
Nanging afiat-Anjeun parantos cekap kangge diri abdi. Abdi nyalindung ku Nur wajah-Anjeun anu nyaangan sagala kapoek sareng pangatur sagala urusan dunya sinareng akherat di
luhurna, daripada Anjeun nurunkeun amarah-Anjeun ka abdi atawa Anjeun murka
ka diri abdi, mung ka anjeun abdi tetep ngarayu sahingga Anjeun ridha. Teu aya daya (kangge ngalakukeun kesaean) sareng teu aya upaya (kangge ngantunkeun kajahatan) kacuali
ku pitunjuk Anjeun." (HR. Al-Thabrani dina al-Mu'jam al-Kabir: 13/73 sareng dihassankeun ku Ibnu Katsir dina tafsirna: 7/267)
Saterasna
dina waktos eta dongkap Malaikat anu ngajaga Gunung nawiskeun bantuan.
يا محمد إن الله قد سمع قول قومك لك، وأنا ملك الجبال، وقد بعثنى ربى إليك لتأمرنى بأمرك،فما شئت: إن شئت أطبقت عليهم الأخشبين
"
Hei Muhammad, saenyana Alloh bener-bener ngadangukeun caritaan kaum anjeun ka anjeun. Kuring nyaeta malaikat anu ngajagaan gunung, jeung pangeran kuring enggeus ngutus kuring ka anjeun pikeun nepikeun naon anuku anjeun di penta. (kuring bakal ngalaksanakeun parentah
anjeun). Lamun anjeun menta kuring supaya ngadempetkeun dua gunung anu ngabedega silih nonggongan ieu oge pikeun ngahancurkeun maranehanana pasti ku kuring dilakonkeun.[Al-Bukhari dan
Muslim] .
Sadaya
cobaan beurat eta dialaman ku Rosululloh sareng sahabatna dina taun eta, nyaeta
taun kadalapan Kanabian. Cobaan anu terus terusan, anu moal sanggup disanghareupan ku
sakabeh jalma di dunya iyeu tina cobaan anu kacida beurat eta, salajengna Alloh
maparinan hadiah anu agung ka kangeng Nabi, mangrupakeun panghibur kasedihan
anu dialaman ku anjeuna nyaeta ku di Isrokeun sareng di Mi'rajkeunana Rosululloh
SAW dina hiji wengi, tepatna dina maleman 27 Rajab
Kaum
Muslimin Rahimakumullah,
Kumargi
kataqwaan mangrupikeun pangkal tina sikap sareng kaputusan dina mayunan masalah dunya, maka hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh
SW. Urang kedah yakin dina ngalakonan parentah-parentah Alloh, sareng ngajauhan sajauh-jauhna naon rupi anu dipantrang ku Anjeuna. Kasempetan bulan Rajab anu
dongkapna sataun sakali kedah dimulyakeun ku urang kalayan saenyana tur saestuna dina raraga mieling kana lalampahan kanjeng Rosul.
بارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الْآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هذا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua:
اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَـقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إله إِلاَّ الله وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
اللهم صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ
أَمَّابَعْد يَاأَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلا تَمُوتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَآأَيُّهَا الَّذِينَ ءَامَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
اللَّهُمَّ صَلِّ وسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا صَلَّيْتَ وسَلّمْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ مُحَمَّدٍ، كَمَا بَارَكْتَ عَلَى إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ إِبْرَاهِيْمَ، فِي العَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ
وَارْضَ اللَّهُمَّ عَنْ خُلَفَائِهِ الرَّاشِدِيْنَ، وَعَنْ أَزْوَاجِهِ أُمَّهَاتِ المُؤْمِنِيْنَ، وَعَنْ سَائِرِ الصَّحَابَةِ أَجْمَعِيْنَ، وَعَنْ المُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَعَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اللهم اغْـفِـرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْـفِـرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُونَنَّ مِنَ الْخَاسِرِيْنَ
اللهم إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالْعَفَافَ وَالْغِنَى
اللهم إِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ زَوَالِ نِعْمَتِكَ وَتَحَوُّلِ عَافِيَتِكَ وَفُجَاءَةِ نِقْمَتِكَ وَجَمِيْعِ سَخَطِكَ. وَآخِرُ دَعْوَانَا
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ عِبَادَ اللهِ :إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ
No comments:
Post a Comment